UGA (UJUNGJAYA) SUMEDANG SAUR SEPUH

UGA (UJUNGJAYA) SUMEDANG SAUR SEPUH
masyarakat adat ujungjaya
UGA (UJUNGJAYA) SUMEDANG SAUR SEPUH

Cunduk kana waktuning taun, datang kana mangsaning bulan, nepi kana jangji pasini, pasang subaya, urang kampung lilimbungan, ti padesan patambur kaoyageun ku geunjleung jaman nu ngajak hanjat kana hambalan kaluhungan.

Kaluhungan karuhun nu dikeben-keben dipangkring ku kapamalian, bruh breh tingsarelap dina kepek kasinaran ku sorotna jaman. Gerentes sepuh sepuh di palemburan nu teu mantra-mantra ka nagara, tinggandeuang narembongan tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan pusaka. Komo barang jol mah pangondang ti pupuhuna pusaka, mani tingkorejat, caruringhak paheula-heula nemonan pangangkiran pupuhunan nu jadi buah kalbuna.

Abdi ge nukasebat urang kampung bau lisung, bet jorojoy aya maksad  hayang dongkap kana pakalangan, mung  estu lieuk euweuh ragap taya, teu aya kikintunan nu sae, kawantos ti pagunungan, mung hatur lumayan bae manawi ka manah ieu nyanggakeun dongeng tutungkusan ti sepuh nu parantos teu aya dikieuna, nalika gunung kunci dibuka diadegan gedong peteng, kieu sanggemna:

“ Eueuh, atuh gunung kunci geus dibuka mah geus ninggang kana ugana.”

Sanggem abdi,,”nincak kana uga kumaha mama?

Dupi sanggemna : nincak kana uga, kapan kusepuh=sepuh baheula mah jadi tungtung saur, dimana gunung kunci geus dibuka, gunung palasari kagiridig ku walanda, pangeran sumedang muguran, teu putra teu putu, engkena mantenna ngalih ka ranca bango, burles” ari dialun-alun nyieun gugunungan dingaranan linggawati.

Sanggem abdi: , “ geuning eta ngangge burles-burles kitu, naon hartosna?”

Pisanggemna,”… ah etamah dedengekeun bae, engke oge kasorang.”

Dimana hanjuang geus sirungan, bitung iwungan, pelak mbah sayang hawu nu di kutamaya tea tilas dayeuh baheula di cilaut eureun ngadeg nagara urang sumedang corengcang, da jelmana patambur, indit sirib karuli ngadon buniaga di dayeuh anyar tea, malah kungsi  disusulan ku kapala kapalana, tapi nyusulan oge teu marulang deui, lep-lep bae bebetah di pangumbaraan.

Tah kulantaran di sumedang corengcang dayeuh teh bakal pindah ka ujungjaya,  ari kota ayeuna jadi distrik sepi, ngan didinya bakal aya panembahan nu jadi kuncenna Linggawati tea sabab eta lingga teh engkena nah baris jadi pangjarahan nu kawentar Kaman-mana.

Tempat tempat di wewengkon ujungjaya mah jeung nu dareukeutna lain samanea,tea nu ngandung harti, geura urang sebutan:

  1. Sumur Bandung (di Ujungjaya) ayeuna eta sumur dianggap karamat, nyaeta keur cawisan ngarinumna kuli kuli nu ngabangun karaton.
  2. Tegal si awat awat, eta keur tempat milih piratueun, da saur sepuh mah pi-ratueun teh  aya tujuh.
  3. Kulinyar , ayeunamah desa kudangwangi, kuli kulina nu ngadegkeun dayeuh rereana ti desa eta.
  4. Tangkal kosambi, di desa sukaratu (ayeuna mah desa sukamulya), ayeuna eta kosambi dianggap karamat, eta kosambi engkena dijieun tihang karaton, ari sukaratu tempat ngistrenan Ratu nu beunang milih di tegal si awat awat tea.
  5. Desa palabuan, eta keur palabuan panampaan lauk ti tangkil (Cirebon) baris puguh kuli kuli.

Ari legok nu pasambung jeung eta uga, nyaeta:

  1. Cipeles, dilebah parugpug dibendung dikocorkeun ka ujungjaya, ari bendungannana di ngaranan bendungan domas (rengrang)
  2. Pasir legok pindah ka cunduk kayu, diparugpug aya pasar, tempatna di sindang kasih, ayeuna pipasareun masih leuweung keneh.
  3. Pasir jati, keur pangtapaana hiji pandita nu ngolah elmu sajati.

Ari ciciren nu geus deukeut kana uga ieu

  1. Lamun cina geus ngadegkeun toko di sakiduleun sasak cipeles, eta ciciren sumedang ilang dangiang.
  2. Dimana putra putu pajajaran geus di calukur, kitab metu saking toko, solokan dielis sisina.
  3. Cina cina ilang taocangna, batu di jalan didalaharan.
  4. Kaayaan  awewe jeung lalaki tibalik, nyaeta lalaki tunggu imah, awewe digawe nyiar kipayah.
  5. Angeun disisi langit kulon, dibawa kasisi langit wetan, ari didahar haneut keneh.

Tah mung sakitu kituna nu kaemut  tutungkusan sepuh teh, engke dipengker upami papendakan tangtos dipidangkeun deui.

Cibalong, maret 1924

Hormatna

SATRIA WIRIYA

Dilarapkeun ku :

  1. ATE RUHDIANA (Majelis Ujungluhur Masyarakat Adat Ujungjaya)
  2. TEGUH SUGIHYAMA (Rurukan Masyarakat Adat Ujungjaya)

Katerangan: Uga nu parantos kasorang ayeuna di Sumedang , seuseueurna sanes silib deui, nanging meh cipeles sakumaha saur sepuh-sepuh tea, samemeh kajadian naon naon.

Sunber: PUSAKA SUNDA    (**Asep jebred)